Wikipedia:Ngeunaan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Wikipédia téh énsiklopédi nembrak, nu ditulis réréongan ku jalma-jalma ti sakuliah dunya. Lokana mangrupa wiki, nu ngandung harti sing saha waé bisa ngédit artikel cukup ku ngaklik menu édit. Wikipedia téh mangrupa mérk kagungan Wikimedia Foundation, Inc.

Sajarah Wikipédia[édit sumber]

Pikeun leuwih jéntré ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Sajarah Wikipédia.

Statistik[édit sumber]

Pikeun leuwih jéntré ngeunaan jejer ieu, mangga tingal Wikipédia:Statistik.

Nu icikibung di Wikipédia ieu aya puluhan rébu kontributor, ngagarap leuwih ti jutaan artikel dina leuwih ti saratus basa. Nepi ka poé ieu, geus aya 60.020 artikel basa Sunda; unggal poéna aya ratusan rébu urang nu muka Wikipédia ti sakuliah dunya, aya nu ngédit, aya nu nyieun artikel anyar, ogé nu ngaropéa artikel-artikel di ieu énsiklopédi. Taya watesan pikeun nu rék ilubiung, éstu pikeun sakabéh lapisan masarakat sarta sakabéh lapisan umur (tingal Wikipédia:Kontributor Wikipédia).

Sadaya kandungan Wikipédia ditangtayungan ku Lisénsi Dokumén Bébas GNU (GFDL). Sagala kontribusi tetep mangrupa kagungan nu ngarangna, sedengkeun GFDL ngajamin sangkan eusina tetep bébas pikeun disebarkeun/didistribusikeun sarta dilobaan (tingal émbaran hak cipta jeung bantahan eusi pikeun leuwih lengkep).

Nyungsi Wikipédia[édit sumber]

Loba nu datang ka ieu loka pikeun nyungsi jeung/atawa babagi pangaweruh. Sacara instan, artikel-artikel téh sakaligus pada diropéa. Anjeun bisa ningali béréndélan parobahanana dina kaca Nu anyar robah. Artikel anyar ogé aya catetanana. Jalma-jalma nu kasang tukangna béda-béda mantuan Wikipédia nulis rupa-rupa artikel.

Wikipédia ogé mibanda sababaraha proyék sawargi. Harepan ti para kontributor taya deui iwal ti ku hayang nyadiakeun embaran nu aya mangpaatna tur akurat keur nu sejen, sarta dina hal ieu proyek ieu ngabantuan pikeun ngoordinasikeun tarekah-tarekah ieu. lolobana artikel dimimitian ku artikel taratas heula, tapi sanggeusna loba kontribusi, artikel éta bisa jadi artikel petingan.

Lamun anjeun néangan embaran nembrak ngeunaan hiji subjek tapi hentu manggihannana dina Wikipedia, anjeun bisa mundut dijieunna éta artikel atawa nanyakeunnana dina kaca sawala. Anjeun ogé bisa mutuskeun keur ningali artikel acak.

Kontribusi[édit sumber]

Sing saha waé bisa nyumbang tulisan kana Wikipédia ku jalan ngaklik tab édit. Pikeun téhnisna, mangga lenyepan tutorial jeung kawijakan jeung tungtunan, ogé kaca pagbagéa.

Behind Wikipedia[édit sumber]

Wikipédia ngagunakeun software Wikipedia:MediaWiki, program open-source nu dipaké di sakabéh proyék Wikimedia.

Hardware nu ngarojong rupa-rupa proyék ieu nyaéta kira 100 server nu disimpen di sababaraha hosting center di sakuliah dunya. Kanggo daadaran leuwih lengkep tiasa ditingal di m:Wikimedia_servers.

Pikeun émbaran téhnis ngeunaan Wikipédia, mangga tingal NLD Téhnis.

Cara nepangan anggota proyék[édit sumber]

Mun anjeun perlu émbaran nu leuwih lengkep, tempat kahiji nu perlu dijugjug nyaéta Wikipédia:Pitulung. Pikeun nepungan salah saurang kontributor nu aya, mangga serat pesenna dina kaca obrolan. Tempat baku pikeun naroskeun ngeunaan kawijakan-kawijakan jeung hal-hal lianna nu patali jeung proyék nyaéta di Wikipedia:Sawala jeung milis Wikipédia (pikeun Wikipédia vérsi basa Sunda mah can aya milisna). Anjeun ogé bisa nepangan Wikipédiawan via IRC jeung instant messenger.

Aya ogé meta-Wikipedia, loka pikeun koordinasi proyék-proyék Wikipédia (sarta sawala ringkes ngeunan kawijakan jeung kagiatanana).

Pikeun béréndélan leuwih lengkep, mangga buka en:Wikipedia:Contact us.

Pamendak & kaabotan[édit sumber]

Seueur nu resep icikibung di dieu téh, mangga tinggalan artikel-artikel kapunjulan Wikipédia, jawaban pikeun nu kaabotan jeung nu lianna.

Proyék sawargi[édit sumber]

Wikimedia-logo.svg

Wikipédia dijalankeun ku Yayasan Wikimédia, hiji yayasan tanpabati nu didaptarkeun di Florida, AS. Wikimédia ngajalankeun sababaraha proyék wiki multibasa séjénna nu sipatna nembrak:

Tempo ogé Wikipédia:Édisi citak